Showing posts with label Heti Koes Endang. Show all posts
Showing posts with label Heti Koes Endang. Show all posts

ASIH URANG CINTA URANG


Asih urang di apungkeun ka langit
Muntang kana mega
Ucang angge duaan

Asih urang di apungkeun ka langit
Meungkeut dina bulan
Ayang-ayangan duaan

Asih urang ting karetip dina bentang celak
dumalingna cinta
Diapingku jempling peuting
di ayun ku lagu dengkleung
hariring gentra ka tineung
urang duaan

Asih urang kahibaran linduh bulan sirna
cahayana nyinglar kapati sungkeman asih
purnama harepan bagja
natar kahayang laksana
satuhu salalamina

TIBELAT

Ukur sareret, teuteup saliwat
Batin duriat, tumapelmasket matih lir peurah diri sumerah, kumandang asih neang
Pangjeujeupan deudeuh

Diri nganbang kapanah kajamparing kumanehna diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna kamana atuh kamana neang manehna metik asihna sareret jeung saliwat mawa ti belat sesah hilapna reret manehna teutep manehna seukeut pamorna ngahudang cinta

Gandrung tibelat liwung ka gandrung hate micangcang beurang jeung peuting raray ka gambar hate gumeter hayang patepang sugan asih bisa nyanding

Diri nganbang kapanah kajamparing kumanehna diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna kamana atuh kamana neang manehna metik asihna sareret jeung saliwat mawa ti belat sesah hilapna

Jamparing asih nembus ka deudeuh
Daya asmara ngahudang cinta