KEMBANG TANJUNG PANINEUNGAN

Anaking jimat awaking
Basa Ema mulung tanjung rebun rebun
Di pakarangan nu reumis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep

Geus opat taun katukang 
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran

Anaking jimat awaking
Basa Ema mulung tanjung rebun rebun
Bet henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep

Nu opat poe teu mulang
Ngepung gunung pager bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layon na keur kadieukeun dipulangkeun

Harita waktu layon na geus datang
Ema ceurik aduh balilihan
Ras ka hidep ieung na kandungan
Utun inji budak yatim deudeuh teuing

Harita waktu layon geus di gotong
Ema inget ieung kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieung ti duaan


Anaking jimat awaking
Lamun Ema mulung tanjung reujeung hidep
Kasuat suat nya pipikiran
Tapi na kedal na teh ku hariring

Haririring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung
Duh... kembang tanjung
Nu nyeungitan pakarangan
Nu nyeungitan hate urang
Panineungan

0 comments:

Post a Comment