NYAWANG BULAN

Bulan ngeunteung na kaca jandela
Ngawaskeun nu ngumbar cimata
Bulan ngeunteung na kaca jandela
Anjeun jonghok jeung keclak cimata

Duh bulan ku matak keueung
Hate teh teu daek ludeung geuning
Bongan jangji nu kamari
Pasini nu henteu ngajadi

Bulan masih ngangkleung dina kamalirna peuting
Bulan masih ngangkleung marengan palid katineung 2x

# Alok ( backing V ) :
Aduh bulan bulan tong waka surup
Pan ieu sim kuring anteng nyawang
Nyipta jirim na kakasih
Nu anggang di sajuringkang

Bulan anteng henteu mirosea
Ka nu keur nandang tunggara
Bulan anteng ngebrakkeun cahyana
Galindeng hate marengan

Duh bulan ku teungteuingeun
Tega temen kaniaya aduh
Lalakon anu kamari
Nembongan duh matak nyeri

Bulan harianeun mawa carita baheula
Bulan harianeun nambahan raheutna hate 2x

0 comments:

Post a Comment