KALANGKANG


L: mungguhing dina impenan
geuning sakitu deudeuhna
kanyaah nu wening bersih
satiaq jadi kakasih

P: mungguhing dina impenan
geuning sakitu leahna
pameunteu marahmay manis
teu isin ka ambung damis

Duet: rambut pajang nu ngarumbay
di sangkeh panangan panjang
lalaunan raray tanggah
rangkul;an karaos pageuh

luhur pasir teupung geter
perlambang asih nu mekar
kabagjaan nu duaan....nu duaan

hanjakal-hanjakal teuing
endah ngan ukur kalangkang
harepan-harepan diri
sing nyanding jeung kanyataan

EMUT BAE

Lain ti baheula atuh kang urang teh pateupang
Ieu hate abdi atuh kang emut bae ka eungkang
Teu benang dipapalerkeun,teu benang di bebenjokeun

Lain ti baheula atuh kang urang teh patepang
Ieu hate abdi atuh kang,emut wae ka eungka
Tuebeunang dipapalerkeun,tue benang dibebenjokeun

Reff:
Dipapareng sugan jaga
Endah mun laksana
Wangi asih nu duaan
Imut bagia tineung rasa

Dipapareng sugan jaga
Endah mun laksana
Wangi asih nu duaan
Imut bagja tineung rasa

Aduh engkang
Emut bae ka eungkang
Aduh engkang baabdi kabiluyuingan


EUIS


L: euis yeuh dangukeun heula
P: pihatur naon anu di seja
L: hayu urang kakawihan
Duet : kawih pangdugi ning ati
L: euis ke antosan heula
P: euleuh-euleuh saha eta
L: abdi sobat anu baheula
P: euleuh-euleuh saur saha
L: euis teuing kulucuna
P: idih-idih pari-pari basa
L: estu nu matak kayungyun
P: ah pameget eta mah biasa
L: aduh eyis aduh-aduh...
Reff:
P: ibu bapa ieu geura...euis
aya jajaka nu ngangken tresna sok ngararewa
L: aduh euis,aduh-aduh
P: aduh seueur gogoda...euis nu jangkung jalmina
kandel kumisna sesah hilapna
L: aduh aduh euis

KASMARAN

upami ningali kembang
kacipta manehna ngalangkang
kapiraray pameuteu nu asri nu anggun manis
kapiati geus titip nadiri jiwa romantis

upami ningali bulan
kagambar manehna nembongan
linuh rasa imutna sorana ngagupay heman
ngagalindeng bungkusan hariring tembanh kasmaran

kamana-mana urang bareng(urang bareng)
kamana-mana urang nyalindung(urang nyalindung)

satujuan sahate sa ikhwan saka tineung saka melang
salira mah ngundangan harepan natar asih anu manjang

upami laksana tepung
mamanis sumanding gumulung
putih asihan nu wening gumeling sajalan leumpang
mapaesan carita balaka cinta nu urang

LEUNGITEUN

kamana panutan abdi
nu sok biasa sumping
kamana panutan rasa
nu sok leukeun ngariksa

tara-tara tisasari
abdi ngaraos sedih
teu aya keur pangumaha
keur batur suka-suka

iyeuh abdi leungiteun
mondok ge tara tibra
iyeuh abdi leungiten
neda tara mirasa

kamana panutan abdi
nu sok biasa sumping
kamana panutan rasa
nu sok leukeun ngariksa

iyeuh abdi leungiteun
mondok ge tara tibra
iyeuh abdi leungiten
neda tara mirasa

kamana panutan abdi
nu sok biasa sumping
kamana panutan rasa
nu sok leukeun ngariksa

NAON LEPATNA

Naon leupatna,naon dosana
Mun diri katarik tresna simpati
Kabandang kamelang

Naon lepatna, naon dosana
Mun rasa rumasa nyeunpatkeun tresna
Mika asih kadirina

Kapan cinta kedah anteb,jeung asih
Kapan asih kedah,timtim sumandingna

Sedeng rasa rumasana,mah jeun deudeuhna
Demi kasatiaan,janteun pageuh pamandangan

Naon tepatna,naon dosana
Neupikeun tungkusan kalbu,mustika asmara

Naon lepatna,naon dosana
Da niat ge saenyana,mika asih ka dirina

PAHLAWAN BANGSA

Teu honcewang sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Candu mundur pantano mulang
Mun maksud tacan Lausana

Berjuang keur leumah cai
Lali rabitur tenggang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Iklas ridho keur sorban merdeka

Sinatria dana laga
Bela bangsa jeung negara
Di barengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai

Teu ngingetkeun kadirina
Asal nagri bangsa waluya
Bisa jembar merdeka mukti wibawa
Jasa tujuan pahlawan bangsa

ASA TOS TEPANG

ASA TOS TEPANG
Detty Kurnia

Asa asa...asa
Asa asa...asa

Asa tos tepang
asa tos kenal
Duka di mana....di mana

Asa tos tepang
asa tos kenal
Duka dimana...duka

eh...leres
eh...muhun
eh...leres
diditu di cipayung waktos manggung

Sasarengan duh padungdengan
icikibung puncak cipayung
mayung-mayung anteung kagandrung
diditu di cipayung waktos manggung

Sasarengan duh padungdengan
icikibung puncak cipayung
mayung-mayung anteung kagandrung
duuuh...bingung

SABILULUNGAN

Sabilulungan, urang gotong-royong
sabilulungan, urang silih rojong
sabilulungan, genteng ulah potong
sabilulungan, persatuan tembong

Tohaga, rohaka,
rempug jukung ngabasmi pasalingsingan
satia, sajiwa,
rempug jukung ngabasmi pasalingsingan.

DINA AMPARAN SAJADAH


Dina Amparan Sajadah
Kang Darso

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-daya

Dina amparan sajadah
Abdi sumujud pasrah
Mundut pangampura Gusti
Ya Allah Robbul Izzati

Taya deui panglumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Allah Pangeran Abdi
Pangeran anu sajati

SAPU NYERE PEGAT SIMPAI


Ririungan urang karumpul
Meungpeung deukeut,hayu urang sosonoan
Pacangkrama hari ngawadul
Urang silih tempas silih aledan

Moal lila jeung babaturan
Hiji wanci anu,geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
Bakal mopohokeun,ka tineung urang

Sapu nyere pegat simpai,bakal kasorang
Takdir gusti hyang widi,pasti kalakon
Urang rek papisah,urang rek pajauh
Meungpeung deukut,hayu rang sosonoan

SAHA ANU LEPAT

Saha nu leupatna
Mun diri katalanjuran
Bongan diri salira
Rek sarimbak jeung manehna

Saha nu lepatna
Mun heureuy kaleuleuwihi
Da bongan teureuh salira
Bet sasorot jeung birahi

Hanjakal tepang teh kapandeurian
Dina wanci geus reprepan
Ulah maksa kudu di penta
Tangtu gede mamalana

Badan nu leupat
Timangsa pa duduan
Da hate perna kagewang
Ku salira jeung teuteupna

SALAM KANGEN


Dina peuting nu jempling
Hate anteb mikangen
Kasalira nu janteun kakasih
Buah ati panyileukan
Siang jeung wengi

Dina lirih na angina
Titip salam kakasih
Salam kangen
Salam rasa deudeuh
Mugi dugi ka salira

Teu hilap ucap wilujeung weungi
Kanggo salira aduh panutan.......

Mugi gambaran diri,sing ngajadi keumbangna
Numapaes endahna
Impenana salira

Mugi gambarna diri,sing ngajadi tatanan
Numinuhan na ati salira
Nungwujud hareupan
Pikeun pateupang

Pikeun patepang

TEUTEUP JEUNG IMUT

Wengi tadi salira imut ka saha
teuteup asih nyeredet mudun keun lenyap
wengi tadi salira imut kasaha
linduh soca mariis petingan manis

kacipta imut salira mun kuring
panutan nana
lelebna medaling rasa
kanggo salamina

hanjakal imut salira
ngalangkang tepung salangkung
teu acan dumugi ati
salira tos angkat deui

Wengi tadi kabandang rasa simpati
peurah asih tumerus kabantun ngimpi
wengi tadi lamunan manteng salira
nyipta pareng tiasa patepang deui

TIBELAT

Ukur sareret, teuteup saliwat
Batin duriat, tumapelmasket matih lir peurah diri sumerah, kumandang asih neang
Pangjeujeupan deudeuh

Diri nganbang kapanah kajamparing kumanehna diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna kamana atuh kamana neang manehna metik asihna sareret jeung saliwat mawa ti belat sesah hilapna reret manehna teutep manehna seukeut pamorna ngahudang cinta

Gandrung tibelat liwung ka gandrung hate micangcang beurang jeung peuting raray ka gambar hate gumeter hayang patepang sugan asih bisa nyanding

Diri nganbang kapanah kajamparing kumanehna diri nguyung kapentang ngalanglayung ku manehna kamana atuh kamana neang manehna metik asihna sareret jeung saliwat mawa ti belat sesah hilapna

Jamparing asih nembus ka deudeuh
Daya asmara ngahudang cinta

HARIRING KURING

Tengah peuting keur jemplang jempling
Kuring nyaring teu ngenah cicing
Hate melang sumoreang
Kawih ati nu lawas patepang

Cuang cieung kuring sorangan
Nunggelis di pangumbaraan
Lieuk deungeun, lieuk lain
Taya pisan geusan pamuntangan

Rek sasambat kamana nya nyambat
Suwung dulur waluat sobat
Sangsang badan titipkeun nya diri
Iwal ti ka gusti yang widi

Hiliwirkeun duh angin peuting
Pang nepikeun hariring kuring
Ka jungjunan nu ngatosan
Buah ati nu keur rungsing peuting

SALANGIT

Socana Salangit, lambeyna Salangit
Teuteupna Salangit, imutna Salangit
Deudeuhna Salangit, kasepna Salangi
Ngadadak Karasa duriat Salangit

Urang mana saha eta urang mana
Wantun sumpah
rumasa ka bungbulengan

Urang mana saha eta urang mana
Wantun sumpah
rumasa geus ka edanan

karingrang,hariwang
honcewang, hariwang
sok sieun parantos
aya nu kagungan

karingrang,hariwang
honcewang, hariwang
sok sieun parantos
aya nu kagungan

KARUNYA

Karunya nya aduh karunya
Hayang ngapung ngawang- ngawang
Teu boga jang-jang
Arek mipit bentang nu nenggang
nu geulis anggang kasorang
duh,.. aduh.. karunya

Karunya nya aduh karunya
kahayang heunteu kadongkang
da puguh anggang
najan hate hayang kabulan
pamohalan rek ka sorang
ngan ukur kahayang

Reff:

Sok karunya kanu loba kahayangna
cinta palsu ngan saukur saliwatan
cinta monyet eta mah keur kaulinan
cinta nu asli cinta sajati

TONG ASA-ASA

Teu kedah di buni-buni
Teu kedah di sumput-sumput
Teu kedah anjeun balaka
Da karaos aya geter asih
Da karaos aya geter cinta

Teu kedah rek asa-asa
Teu kedah rek isin-isin
Teu kedah anjeun cangcaya
Da karaos aya geter asih
Da karaos aya geter cinta

Cinta urang na kalangkang
Imut nu manis dina impian
Tepung kadeudeuh, rangkul kaheman
Keur urang duaan,

Cinta urang na kalangkang
Imut nu manis dina impian
Tepung kadeudeuh, rangkul kaheman
Keur urang duaan, keur urang duaan

HUJAN CIMATA


Rya Fitria
HUJAN CIMATA

Ku teu sangka ku teu nyana
Anjeun tega ngantun keun abdi
Cinta nu lawas nembongan
Akhirna kedah pegat di jalan

Hadapeun dahan camara
Didinya kungsi akang teh jangji
Kadeudeuh urang duaan
Moal sirna Saumur dunya

duh engkang
na tega abdi nandangan tunggara

duh engkang
hujan cinta jadi hujan cimata

duh panutan naon lepatna
abdi nganti sing enggal mulih deu

HANJAKAL

Jangji urang rek saati
Moal pada ingkar, moal rek sulaya
Tapi jangji ukur jangji
Sumpah tinggal sumpah
Kalah jadi runtah

Kaduhung sagede gunung
Teu ngagugu omong indung
Papatah di anggap angin
Geuningan kieu jadina

Hate ceurik balilihan
Taya nu bisa ngubaran
Hate asa di wewejet rajet

Ku kamana ngubaran diri
Kudu jumaha miceun kanyeri
Kudu kasaha nitipkeun diri
Kudu kumaha, nya kumaha

BIMBANG


Bimbang abdi teh bimbang
mana arah tujuan
kitu salah keiu salah
rasa nalangsa

Bimbang abdi teh bimbang
wegah pikeun ngalengkah
rasa sepi teu weleh sepi
naon lepat diri

Reff :
kamana, kasaha, kedah kumaha
teu wasa, teu daya, teu upaya
kamana, kasaha, kedah kumaha
kakasih, kacinta ilang sirna

nalangsa tunggara, Ooh...

URANG SUNDA


Urang sunda ka marana
Urang sunda di marana
Urang sunda, urang mana
Urang sunda, Anjeun saha


Naha ngan saukur nu ngeusian Pulau Jawa
Naha ngan saukur lalajo bari tumenta
Gancang geura hudang buka ceuli buka mata
Geura tembongkeun urang sunda oge bisa


Tembongkeun urang ge bisa mela nagara
Tembongkeun urang ge bisa jadi pamimpin
Urang ge bisa nangtung ajeg jeung kawasa
Lain saukur bisa unggut jeung kumawula


Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan


Anu karesepna ngan ukur ngagere ceuli
Anu karesepna ngan ukur heuay nundutan
Anu karesepna ngan ukur diuk ngalamun
Atawa calangap ngitungan bentang di langit


Mun urang kabeh reueus jadi urang sunda
Pikiran deui naon nu dipikareueus
Lamun urang sunda kabeh jadi si kabayan
Kuring melang hiji waktu urang kababayan
Urang bakal kababayan, ukur bisa kababayan, salawasna kababayan

Si Kabayan urang sunda
Urang sunda lain Si Kabayan
Si Kabayan urang sunda
Urang sunda ulah jadi si Kabayan

MAWAR BODAS


Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa capena
Sabab aya nu diteang


Hujan angin dor dar gelap
Hunteu aya keur ngiuhan
Sanajan awak rancucut
Teu paduli kajeun teuing


Nu penting mah asal nepi
Ka tempat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala


Sugan tea moal gagal
Kembang geus aya nu boga
Balik teh asa hoream leumpang ge asa ngalayang


Teu kasawang ti anggalna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate
Hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun
Mikiran pipanyakiteun

KUMAHA


Nah… hanjakal pisan
Basa anjeun datang
Kuring geus duaan

Mun seug lelengohan
Moal mikir panjang
Sadia marengan

Duh… enyaan… silih pikasono, silih pikadeudeuh, silih pikanyaah

Kumaha…
Nya kudu kumaha
Da kuring ayeuna
Geus aya nu boga


Hampura…
Nya kuring hampura
Najan dikumaha
Moal rek ngadua

ULAH CEURIK


Cag didieu
Cag seumeut dieu
Lalakon cinta nu urang

Teup anteupkeun
Tong di guar deui
Carita cinta nu peugat

Najan ka gandrung sa gunung
Najan duriat sa jagat
Kadeudeuh nu nyangreud
Ahirna urang pipisah

Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna

Cig ka kidul
Cig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan
Antara urang duaan
Lain anjeun lain akang
Urang geus lain lainna
Lain….

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna urang papeugat
Najan hate masih beurat
Pileuleuyan, pileuleuyan
Hampura, Akang hampura

BOHONG


Cenah cinta teh buta
Pajar.. teu mandang harta
Bohong, ahh geuningan bohong
Tanpa harta cinta teh terasa hampa

Cemah yang penting cinta
Pajar yang penting sayang
Bohong ahh, geuningan bohong
Cinta dan sayang
Sakapeung rajeun ngalayang

Ngalayang, pegat kapakan
Ngalayang, dina implengan
Ngalayang, dina lamunan
Ngalayang kokolebatan

Cenah bade satia, pajar bade gumela
Bohong ah, akang mah bohong
Anjeun jalir tina jangji nu saati

ASIH URANG CINTA URANG


Asih urang di apungkeun ka langit
Muntang kana mega
Ucang angge duaan

Asih urang di apungkeun ka langit
Meungkeut dina bulan
Ayang-ayangan duaan

Asih urang ting karetip dina bentang celak
dumalingna cinta
Diapingku jempling peuting
di ayun ku lagu dengkleung
hariring gentra ka tineung
urang duaan

Asih urang kahibaran linduh bulan sirna
cahayana nyinglar kapati sungkeman asih
purnama harepan bagja
natar kahayang laksana
satuhu salalamina

ASIH

Munggaran kedal cintana
Cenah bumi jeung langit saksina
Tapi bumi langit eta keneh
Cintana duka kamana

Harita tigin jangjina
Cenah cinta keur kuring sorangan
Tapi sanggus hirup babarengan
Cinta na duka keur saha

Cinta.. di ayun kaheman di uji tangtungan
cinta rasa was-was rasa kangen awor jeung harepan

horeng kitu ari asih, horeng kitu ari cinta
can beunang di tutur-tutur
geus beunang ngolembar luntur

horeng kitu ari asih, horeng kitu ari cinta
tepung di rungrum mamanis
papisah pinuh ka peurih

cinta di goda ku rupa, ku harta, ku tahta
cinta.. jodo, pati jeung cilaka takdir ku kersana

horeng kitu ari asih, horeng kitu ari cinta
can beunang di tutur-tutur
geus beunang ngolembar luntur

horeng kitu ari asih, horeng kitu ari cinta
tepung di rungrum mamanis
papisah pinuh ka peurih

BARADE


Bararade ieu
Bararade ieu
Bararade bade bade bade ieu

Jalan dewi sartika
Jeung lapang Tegal Lega
Mun wanci sareupna
Retesna sabada isya
Loba ucing geuring
Ngalayap nepi ka peuting
Ngadon dagang ping ping
Keur lalaki nu curaling

Mengkol ka Gardujati
Katelahna kebon tangkil
Wilayah nu pasti
Saritem tempat nu nyempil
Gang pabaliut
Nawisan barang nu nyumput
Jalu nu kapincut
Kakamar langsung diurut

Barade bararade ieu
Nu ngagaleuh barang anu geuleuh
Barade bararade ieu
Mangga cobi pasti hoyong deui
Barade bararade ieu
Atos nyobi si ujang kapatil
Barade bararade ieu
Tos kapatil si ujang anu kasiksa

Bararade ieu
Bararade ieu

TONG DICEUNGCEURIKAN


Panas nu sakieu mentrang
Sugan teh moal rek hujan
Sono bogoh anu urang
Geuningan teu bisa manjang
Asa dina pangimpian
Urang jadi pipisahan
Kadeudeuh nu nyangreud pageuh
Kiwari talina udar
Urang teu bisa embung
Najan ka gandrung sagunung
Urang teu bisa nolak
Najan duriat sajagat
Urang lir ibarat wayang
Usik malik na ku dalang
Anu teu wasa teu weunang
Beureum hideung kumaha dalang
Apan hirup ngalakon
Saperti dina sinetron
Caritana kedah pisah
Nya hamo bisa dipondah
Urang teu bisa embung
Najan laput rasa gandrung
Urang teu bisa nolak
Najan limpas ku ka beurat
Tarimakeun janten rangda
Akang pasrah jadi duda
Najan pait bari peuheur
Teu bisa di kumahakeun
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan

Takdir teu beunang dipungkir
Kadar teu bisa di singlar
Najan pada pada beurat
Meureun gurat keudah peugat
Ulah ceurik
Tong diceungceurikan
Wayahna cing tumarima
Urang teu bisa kumah
Teu bisa kumaha

SELEBRITIS


Selebritis Bandung
Tante-tante muda-muda
Cantik-cantik necis-necis
Ngariung di juru kafe
Arisan sabulan gope
Anak salaki di imah
Teu kaurus cuek aje

Selebritis Bandung
Ramping-ramping menor-menor
Modis-modis konon kaya
Bari sibuk nyoo hape
SMS-san jadi gawe
Ngondang balad salevel
Lanjut ka karoke

Iuran papatungan
Di karoke suka bungah
Lalajo doger jelema
Bugil..bugil… 2X

Selebritis Bandung
Korek api kaca mata
Jam tangan sapatu baju
Kudu merek nu terkenal
Bari mutlak original
Soal harga mahal
Isuk ge urusan cingcay

Sakapeung pikarunyaeun
Disiksa ku gaya hirup
Sanajan geus ludes bangkrut
Bacot mah angger ondedol

Medikyur medikyur
Bulu halis di cukir

Medikyur medikyur
Bulu kelek di cukur

Medikyur medikyur
Bulu bitis di cukur

Medikyur medikyur
Palay nu saageung tuur

BOGOH KA SAHA


Penyanyi : Rya Fitria

Bogoh ka saha
Bogoh ka urang mana
Geura balaka…a…a..
Ulah rek asa asa

Milih milih numana
Milih nu kumaha
Ulah cangcaya..a…a..
Bisi kaduhung ahirna

Percaya..a..a..
Kana takdirna
Percaya..a..a..
Kana takdirna

Lamun enya jodona
Lamun enya kuduna
Moal rek aya…a…a..
Nu bisa misahkeunnana

Lamun enya cintana
Lamun enya hayangna
Ulah rek aya…a…a..
Nu nyoba misahkeunnana

Percaya..a..a..
Kana takdirna
Percaya..a..a..
Kana takdirna

BUDAK SAHA


Dipikir siang jeung weungi
Hirup teh naha nyorangan
Dirasa rasa da puguh aya nu boga
Ema bapa anjeun dimana

Teu sangka ku nasib diri
Hirup teh pahat tulalis
Lami gede cicing di yayasan
Ema bapa anjeun dimana

Duh gusti…
Ari abdi budak saha
Teu puguh laratannana
batin ceurik balilihan

Ari abdi budak saha
Ieu hate terus tumanya
Na dimana anu ngandung
Na dimana nu ngayuga

Ari abdi budak saha
ieu hate terus tumanya
Na dimana ari indung
Na dimana ari bapa

DUKA TEUING


Duka teuing kunaon
mun nempo anu demplon
teu bisa miceun panon
sok hayang geura leleson

Duka teuing kunaon
Meuni bun ceuli panon
noong anu keur ocon
sok hayang milu ka enggon

Duka teuing kumaha
meuni asa kabita
nempo bitis nu geulis
ngadadak sok panas tiris

Duka teuing palaur
heureuy jeung anak batur
ocon diluhur kasur
katewak di cereg tuur

Duka teuing ceuk saha
mun hayang ka si eta
ngomong tong hare hare
dijamin pasti dibere

Duka teuing ku saha
da kuring teu rumasa
can kawin geus eusian
budakna euweuh bapaan

Duka teuing ku aneh
siga istri nu sholeh
aya ku lebar teuing
sok ngalayab unggal peuting

Duka teuing ku heran
ngaku masih parawan
tapi teu kanyahoan
tos loba nu ngaraosan

MEGA SUTRA PANTAI CARITA


Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas endahna rasa
Saksi asih dina munggaran carita
Waktu urang nepungkeun geuteurna cinta

Dina dada aya rasa
Dina rasa aya bagja
Ngagalura ibarat ombak sagara
Di sisi basisir
Laut pantai carita
Nya didinya urang teh wakca balaka

Mega sutra di langit pantai carita
Bodas nyacas dipulas katineung rasa
Saksi asih mekarna hareupan cinta
Poe isuk muga laksana paneja
Mega sutra….
Di langit pantai carita

OJEG


Aduh bagja pisan
Narik ojeg ngalarisan
Nu numpakna geulis pisan
Hate sok seseredetan

Keur kasalemetan
Nu geulis kedah nyepengan
Sanes akang teu uyahan
Cunihin teu pisan-pisan

Ulah sok ugal-ugalan di jalan
Kebut-kebutan keur jalan
Bisi balikna tinggal ngaran

Ulah sok ugal-ugalan di jalan
Kebut-kebutan keur jalan
Mun nabrak budak digarebugan

Ojeg
ongkos ngajegang
Lamun ngojeg ulah parebut penumpang

Ojeg
ongkos ngajegang
Lamun ngojeg tong bari mikiran hutang

Komo deui lamun narik bau ao
Nya dijamin penumpang nyebut nu gelo

PABALIUT


Kuring bogoh ka Entin
Entin bogoh ka Rustam
Rustam bogoh ka Oneng
Oneng bogoh ka Darman

Darman bogoh ka Acah
Acah bogoh ka Unang
Unang bogoh ka Edoh
Edoh bogoh ka Dayat

Dirasa rasa
Beuki karasa
Dipikir pikir
Beuki kapikir
Bumi alam bumi alam asa nguir
Mikiran cinta jadi panas gulicir

Dirasa rasa
Beuki karasa
Dipikir pikir
Beuki kapikir
Nu di cinta balik nu di jiga bacir

(Tungtungna mah aral bulu irung we….)

Dayat bogoh ka Mumun
Mumun bogoh ka Edeng
Edeng bogoh Ecin
Ecin bogoh ka Oyo

Oyo bogoh ka Epon
Epon bogoh ka Kurdi
Kurdi bogoh ka Embe
Embe bogoh ka Kuring

BENTANG MANGLAYANG


Bentang luhureun manglayang
Ting kareutip anteung ngiceupan
Kamari peuting ayeuna
Bentang rapang lobana angger sarua

Handapeun bentang manglayang
Manehna keur ngadagoan
Nanggeuy saruntuyan bentang
Meunang mipit ti luhur Gunung Manglayang

Weungi enjing nun……
Urang peutik ku dua-an
Urang runtuy nun…..
Keur kongkoyang pangantenan

Weungi ieu wayah na urang paanggang
Tapi soca tangtos sami keur milang bentang manglayang

Bentang luhureun manglayang
Ting kareutip anteung ngiceupan
Kamari peuting ayeuna
Bentang rapang lobana angger sarua

BUDAK JALANAN


Ceuk batur mah
Kuring teh budak jalanan
Gawe ukur ngamen
Dina kandaraan
Sabenerna hate ngarasa nalangsa
Puguh hirup ragap taya
Kolot teu apal dirupa
Jeung deui duka di mana

Mun panas….
Kapanasan…
Mun hujan…
Kahujanan…

Mun reup peuting ngadon sare di emperan
Da puguh hirup di jalan
Hanteu boga petempatan
Pikeun pangbalikan

Timana…timana.. atuh timana
Diri kuring timana atuh asalna
Kumaha…kumaha.. atuh kumaha
Diri kuring na kumaha mimitina
Ya Allah paparin abdi pituduh
Na dimana kolot abdi teh ayeuna..

CINTA


Cinta lir ibarat kalangkang
Deukeut anggang bisa diatur ku urang
Cinta bisa ilang jeung nembongan
Repok jodo akhirna datang sorangan

(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta manjangkeun carita
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta panjang lalakona...

Cinta lir ibarat nu geulis
Geura endah ti mawu sewu mamanis
Cinta perlu jalan anu lueus
Solo goto tapakan di anggang putus

(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta penuh pengorbanan
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta penuh kasadaran

Cinta datangna teu kaharti
Gandrung ewuh mikangen ngungkapin ati
Cinta matak anteung beurang peuting
Ngadak-ngadak dunya asa nu sorangan

(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta mangkat mega endah
(aduh aduh cinta) (aduh aduh cinta)
Cinta tembang kanyaan

DURIAT


Dina hate kuring anjeun cicing
Dina hate anjeun kuring cicing
Bener-bener henteu bisa ngejat
Dibeungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang
Pating kaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu dipalire

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa dihilian ku harta
Duriat teu bisa di aya-aya
Duriat datang na heunteu kapaksa

Dikotretkeun dina hate tidituna
Diguratkeun dina rasa tidituna
Dibuka di baca ku urang duaan
Di jaga di riksa pinuh rasa ka heman

BENTANG CILAMPUYANG


Teu disangka ti tadina
Di lembur jauh ka kota
Geuning aya bentang ragrag
Mawa bungah kana rasa

Rasa bungah nu harita
Dibarengan rasa cinta
Cinta nu mekar harita
Mapaes nikmatna hate

Bentang nu harita medal
Ngagurilap-ngagurilap cahayana
Matak serab mikacinta
Matak risi anu jangji

Bentang di Cilampuyang
Mawa bagja kana rasa
Bentang di Cilampuyang
Narima kedalna cinta
Bentang di Cilampuyang
Yap kadieu masing deukeut
Bentang di Cilampuyang
Akang reueus akang geugeut

MOBIL BUTUT


Mobil butut kaluaran baheula
Sajaman jeung bedil sundut harita
Ayeunamah mobil butut geus carang
Nambangan ge di kota ge geus di larang

Dut durut dut dut
Mobil maju na ngidul
mogok di jalan radiatorna ngebul
Kenekna turun nyiuk cai di solokan
Mobilna nginum jiga kebo di mandian

SASAK RAJAMANDALA


Di beh kulonen
Pengkolan nu ka Saguling
Aya sasak anu jadi panineungan kuring
Sasak panjang nu nepungkeun Bandung Cianjur
Diliwatan balarea mentas walungan Citarup

Nu katelahna nya Sasak Rajamandala
Sasak cukang palantara cinta kuring jeung manehna
Cinta mimiti nukena
Hese pohona
Lamunan cik dina ati sumelap lilana rasa

Di sasak Rajamandala, hotel telet nu munggaran
Rek ngajak tacap kasoca, keleket hate deg-degan
Ka Sasak Rajamandala hayang geura ngaimplengan
Yen kuring teu jeng manehna
Kiwari geus baranganna

CANDU CINTA



Teuteupna aduh ema sok ngenter kana hate
Endahna aduh bapak sok dengdeuleun ku manehna
Teu weleh dating aya ngolebat bae
Sesah hilapna duka kunaon
*
Kumaha aduh ema ieu hate aya sono
Kabayang sok nembongan ku emut bae ka manehna
Berang kacipta beunta weleh karasa
Naon ubarna atuh kunaon

Candu cinta nyaliara ngarasuk ngabeulit hate
Duh karasa duh endahna ngait masket jero dada
Candu cinta nu karasa sengit lir kembang malati
Nu mekar di taman sari matak betah karasana

Aduh ema aduh aduh bapak candu ieu geus ngaraga sukma
Aduh ema aduh aduh bapak candu cinta duh karasa

Back to *