SONO BAE

Kabayang - bayang bae
kaimpi - impi bae
na pipikiran, na rarasaaan
na tetenjoan, saliraaaa
Sono ku sono bae
emut ku emut bae
rumasa beurang
gede duriat
hate kabandang saliraaaa
Isuk, beurang, sore, peuting
hayang panggih bae
Isuk, beurang, sore, peuting
hayang deukeut bae
Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngelehan
Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngeledan
Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngelehan
Kuma lamun kuring ges aya nu boga
moal rek ngeledan.

ANJEUN

Teu aya deui, nu mikancinta iwal anjeun
Teu aya deui, nu mikamelang iwal anjeun
Pangnyaahna sadunya, pangbageurna sadunya iwal anjeun
Anu heman tur daria, anu jangji satia ngan ukur anjeun

Duh aduh aduh aduh
Hate bagja bisa papanggih jeung anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hate reugreug aya sagigireun anjeun

Ngan saeutik hanjakalna
Lamun tepang osok ngajak rurusuhan
Dasar kudu kanyahoan
Horeng anjeun geus rimbitan

Teu aya deui nu jadi pikir iwal anjeun
Teu aya deui nu kagundamkeun iwal anjeun
Inggis beunang ku batur
Inggis bogoh ka batur, iwal anjeun

Unggal peuting babacaan
Mapatkeun pelet asihan husus keur anjeun
Duh aduh aduh aduh
Kurang dahar, kurang sare mikir anjeun
Duh aduh aduh aduh
Hayang deukeut, hayang geugeut...Ngan jeung anjeun

Dasar kudu kanyahoan
Ngirim surat salah ngasupkeun eusina
Gurat sial jeung cilaka
Putus ka ditu ka dieu.

CING CANGKELING


Kleung dengklek buah kopi rarang geuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Plos kakolong bapak satar buleneng
Pat lapat pat lapat katingalan masih tebih kene pisan
Layarna bodas jeung celak kasurung kaombak ombak

MANUK DADALI


Mesatngapungluhur jauh di awang awang
Meberkeunjanjangna bangun taya karingrang
Kukuna ranggaos reujeungpamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul kana tandangna
gadangjeungpartentang taya badingan nana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan ka sieun leber wawanenna
Manuk dadali manuk panggagahna
Perlambang sakti Indonesia jaya 
Manuk dadali pang kakoncarana
Resep ngahiji rukun sakabehna
Hirup sauyunan tara pahirihiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali gadung siloka sinatria
Keur sukamna bangsa di nagara Indonesia

TOKECANG



Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang sapependil kosong
Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong

BULAN SAPASI


( Kawih, Degung )

Bulan sapasi siga nyaksi diri abdi
Pias pias sagala paningal katambias ge panginten
Angin asih nu bihari teu deui ngelusan diri
Di gentos ku angin bajra matak sedih jeung nalangsa

Harepan kiwari ukur harepan
Da bentang di langit masih baranang
Harepan mugi sing jadi putusan
Da Engkang masih osok neang datang

Aduh... aduh matak paur
Lamun diri katalanjur
Sanajan diri tinggal sapasi
Alim jadi Laif diri

BOGOH KASAHA


Bogoh bogoh kasaha
Bogoh ka urang mana
Geura balaka bisi kaduhung ahirna

Milih milih nu mana
Rek milih nu kumaha
Ulah cangcaya bisi kaduhung ahirna

Percaya kana takdirNa 2x

Lamun enya jodona lamun enya cintana
Moal rek aya nu bisa misahkeunna na
Lamun enya cintana lamun enya hayangna
Moal rek aya nu nyoba misahkeunna na


Percaya kana takdirNa 2x

BONGANNA


Langit caang narawangan 
Taya mega nu ngahalangan
Bincarung hiberna teu pati luhur
Bungah mapag caangna beurang

Dua insan babarengan
Dina sagara katresnan
Oleng ku rasa mokaha
Kahormatan harita ngadadak sirna

Langit mimiti ilang caangna 
Aya mega ngahalangan 
Gumulung rasa kaduhung
Rasa kabingah tos ilang

Ah da Bonganna ah da bonganna
Sari henteu dipupusti
Cinta nu mimiti mekar
Layu sapada harita

BIMBANG


Bimbang abdi teh bimbang
Wegah pikeun ngalengkah
Kitu salah kieu salah
Rasa nalangsa

Bimbang abdi teh bimbang
Mana arah tujuan
Rasa sepi teu weleh sepi
Naon lepat diri

Kamana kasaha kedah kumaha
Kakasih kacinta ilang sirna
Kamana kasaha kedah kumaha
Teu wasa teu daya teu upaya

Nalangsa tunggara... Oh..

BULAN SAPOTONG


Asa garariung ngadangu jangjina
Anu araramis tina lambeyna
Asa bararosen ngahampura manehna
Nu resep ngaulang kasalahan

Dimana aya endahna dimana aya deudeuhna
Lamun raheutna hate taya lirenna

Bulan sapotong kiatkeun abdi kiatkeun
Buleudkeun hate nu pasti maneuh
Bulan sapotong datangkeun atuh datangkeun
Gaganti Cinta anu langkung sagalana

Kembang cinta nu layu 
Teu ngarep sirungan deui
Inggis kapahu raga kabawa angin
Tali cinta nu putus 
Teu ngarep rek nyambung deui
Hate tos cape ngabarengan

Dina hate abdi meni eusi kumanehna
Kabawa palid ku cipanon

BUBUY BULAN


Bubuy bulan bubuy bulan
Sangrai bentang
Panon poe panon poe disasate
Unggal bulan unggal bulan abdi teang
Unggal poe unggal poe oge hade

Situ Ciburuy laukna hese di pancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Tuh itu saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sotot socana

Bubuy bulan... bubuy bulan

BORONDONG GARING


Borondong garing ider kota pilemburan
Mekar lumaku diri payu dagang bari mimitran 2x

Borondong garing haleuang katineung ati
Jerit ciptaning ati jeung hiliwirna angin peuting 2x

Oleh-oleh ti kampung ti lingkung gunung
Majalaya Soreang Banjaran Bandung
Hate jongjon lugina anu dikantun
Narik ati matak luas nu ngabantun

Borondong... borondong..
Borondong garing...

BIARIN KANG


Kang atuh kang kumaha
Kalau akang sayang dia bilang dong bilang
Kang atuh kang balaka
Kalau akang suka dia pilihlah dia

Kang atuh kang kumaha
kalau memang akang bosan bilang dong bilang
Kang atuh kang tong kitu
Kalau memang sudah jemu tak usah ragu

Kalau memang akang kabandang
Coba bilang terus terang biar nyai tidak bingung
Kalau memang akang yang senang
Atuh akang mesti jujur agar Nyai teu tagiwur

Biarin kang biarin
Biar Nyai urang kampung
Biarin kang biarin
Nyai mah moal kaduhung.. moal kaduhung


Biarin kang biarin
Biar nyai sendiri lagi 
Biarin kang biarin
Nyaimah cadu dimadu.. cadu dimadu

BANGBARA CINTA


Duh madu katresnan 
diseuseup urang duaan
endahna kacipta kembang rasa 
dirungrung bangbara cinta

parahu kaheman 
ngembangkeun layar asmara
Di ayun Ambing 
ombak bagja diusapan angin cinta

Mangsa kembang ngarangrangan layu ditaman
Salira teh tega luas bibilasan
Mangsa ngagolak galura di sagara
parahu teh karam neumrag karang

leupas deui leupas deui cinta teh leupas deui
meuntas deui meuntas deui asih teh meuntas deui
laas deui laas deui cinta th laas deui
reuntas deui reuntas deui asih teh reuntas deui

BANONDARI


Engkang sembaheun Abdi pinuh katineung gagah sakti
Engkang teh jago ngarayu perceka mikat wanita
teu perduli aya nuboga Engkang

Didunya taya duana pameget nukawas engkang
Waruga jalugjug jangkung ngajedig halis na kerung
purah ngudag ngudag bikang engkang...

di raksukan ku henteu matut
dilancingan oge ranutdut
kumis jocong buuk gondrong
lir Barongsai keur ngadangong
aduh engkang..

BAJIDOR KAHOT


Ngengklak dikalang dipaer nyi lenjang
Dangdanan necis disandingan ku nu geulis
Rengkak nu merenah nu neuteup kabengbat manah
Duh.. gending rongkah tambah motah

Kemprung dipanggung geus jadi kagandrung
Sok gararetek sapeuting teu ngarengkenek
Tepak kendang ngajak ngengklak Adu manis ear senggak
Kabengbat duriat najan ucul eusi pesak

Eh.. duh bajidor pada kahot
Moal kapok nyaahna nya beuki pogot
Moal ngejat bajidor teu weleh pogot
Moal arek moal rek eleh jajaten

AYUN AMBING


Deungkleung dengdek anaking jimat awaking
Geura bobo cu.. panutan kalbu
Ema hidep aya di pangumbaraan
Nyiar rijki buburuh jadi TKI

Deungkleung dengdek anaking di ayun ambing
ulah rungsing tepung jeung peuting
Anggur nyaring na mangsa keur sepi jempling
Ngadu'a ema hidep enggal mulang

Ukur cimata nu jadi ubarna
Rasa kasono teu weleh ngadodoho
Sanajan urang paanggang hatemah pa'anjang-anjang
sanajan urang papisah kagusti urang sumerah diri
Kieu buktina kedah kieu nasibna

ASMARA

( Kawih, Degung, Pop Sunda )

Mimitimah taya rasa mikacinta
Geuning teu dinyana anjeun sering ka impenkeun
Asmara sono teh taya tungtung na
Dina geter angen anjeun sering ka impenkeun

Duh angin nu ngadalingding
Pangnepikeun kamelang kuring
Duh 
Bentang anu baranang
Pangnepikeun rasa hariwang
Kaanjeun tilam harepan
Nu teu weleh dipikamelang

ASIH ABADI


( Kawih, Degung )

Sajuringkang lemah putih
Tatapakan ngeureut getih
Nya didinya awor asih
Neundeun harepan nyeungceum angkeuhan
Dina galindengna kawih
Asih tumekaning batin
nyaah tinandung na nyawa

Demi lautan katut ombak na
Demi daratan katut gunung na
Ditapel wates ngajadi
Ngajalan jati waruga

ASA TOS TEPANG


Asa-asa.. asa...
Asa-asa.. asa...

Asa tos tepang asa tos kenal
Duka dimana.. dimana
Asa tos tepang asa tos kenal
Duka dimana.. duka..

* Eeh... leres Eh... muhun
Eh... leres diditu diCipayung waktos manggung

Sasarengan duh padungdengan
Icikibung puncak Cipayung
Payung mayung Anteng kagandrung } 2x
Diditu diCipayung waktos manggung

Duh.. bingung

Back to : *

ANGGREK JAPATI


[ Kawih, Degung )

Anggrek japati na cangkring keur karembangan
Sisi wahangan barodas
Kareta api geus datang sinyal geus muka
Reg di Stoplas Cibodas
Gupay... gupay anaking
Gupay gupay digupaykeun ti manehna
Reumbay.. reumbay anaking
Reumbay na nginjeum cipanon ti maneh na

ALIM PATEBIH


Dina liuh-liuh nu linduh
Nu kasisir angin tipeuting
Anteng nyarandekeun hate
Geugeut pageuh dina lahunan

Bongan geus lawas teu tepang
Sami-sami ngagugulung kangen
Ajrih nemragkeun kasono
katineung nu urang

kahoyong mah engkang urang ulah pisah deui
kahoyong mah engkang ulah rek paanggang deui
palias inggis nunggeulis cuang cieung leungiteun kaheman
teu wasa kedah nyorangan nalangsa tunggara

ADUH MANIS


Papaes pangreka lagu gelar lagu adu manis
Nyata dina rupi ibing katelahna jaipongan adu manis
ketuk tilu baheulana klasik jeung penca' silat
disadur direka-reka nuresep dimana meni

Kumargi aya tawisna dina ibing adu manis
Siih reret bari imut supados henteu pahili
Adu manis anu lucu pasangan istri pameget
Nu lami henteu patepang ayeuna patepang deui
gambaran istri pameget keur sumedeng birahina
silih simbeuh ku kadeudeuh sempal guyon gogonjakan

sok saha nu wani metik sadia ngayonan nana
sanajan tepika pati moal ngejat kawalahan

Alok( backing V ) :
aduh manis katelahna ketuk tilu Baheula na
gelar lagu adu manis nu ngibing mojang maranis

BULAN BANDUNG PANINEUNGAN


( Kawih, Degung )

Mun sareupna geus mimiti
katembong nyimbutan Bandung
Angin Lembang turun laun ngabubuhay
Langit mayung bulan beukah
Ngaleu hiji lagu kedaling katineung ati duh...

Kota hurung bentang mijah
Ngaleu hiji lagu kedaling kasmaran pikir duh
Harewos leutik marengan hiji impian
Bulan di langit Bandung nyaangan
Ngagentraan paneuteup na pangimplengan
Langit isuk Angger biru nya Eulis duh angger biru

BULAN LANGLAYANGAN PEUTING


( Kawih, Degung )

Bulan teh langlayangan peuting Enung
Nu di tatar di pulut ku tali gaib
Entong salempang mun kuring miang
Ti tatar ti tatar Sunda
Di pulut nya balik deui kadieu
Ieung... masing percaya

Bedil geus di peloran
Granat geus di sorendang
Ieu kuring arek miang
Jeung pasukan Siliwangi
Ka Jogja Hijrah taat parentah

CINTA SAUMUR KEMBANG

Nalangsa aduh nalangsa
Sanes ngimpi Akang gaduh deui
Naon atuh kalepatan diri

Teu sangka aduh teu sangka
Akang nyanjung geuning kalah nyandung
Naon atuh kakirangan diri

Cinta Akang saumur kembang
Tali asih teu manjang
Teu emut basa duaan
Jangji sahuap lingkup

Kaduhung sagede gunung
Kaduhung teu manggih tungtung

CAHAYA SUMIRAT

Paingan atuh paingan teu tebih ti sangka ati..
Engkang kagungan panyawat.. panyawat langkung lantip
Teu kaop lepat saeutik Engkang babarian bendu
Saruping mundut lantaran hoyong pirak sareng abdi
Da Engkang mah rupi nu teu sayaktosna

Panon poe tunggang gunung sinar layung ngenclong kuning den mas
Gumilang kunang-kunangan
Dumeling lir beunang nyangling ngawang-ngawang narawangan
Gandrung... lenglang taya aling-aling

Kulungkung kumelengkung gumilang ku mendung 
Asri den mas
Laligar ratna komara... ngancik dina cahya manis
Kawas malik ge salaka..
Kawas melik ge salaka lalangse peurih hapsari
Peurih hapsari

Sinar layung mendung nguyung panggendam panghudang sari
Cahaya panghudang rasa.. rasa tumitis jasmani
Sinar tepung 
Atma sukma (gandrung)
Ginulur jempling nyaring

Meleber mawar ngahiur (gandrung)
Angin silir ngahiliwir
Sumebar nyebarkeun sekar meleber 
Ambar kasturi
Mun kersa keur kasukaran...
Hegar ligar pikir ketir dunungan

CIKAPUNDUNG

( Kawih )

Cikapundung 3x walungan di Kota Bandung
Kota kembang kota midang kota pangbangbrang ka bingung
Aduh Ema aduh ema aduh Bapa abdi mah 
Alim di candung
Kajeun dahar karo uyah abdimah da moal pundung

Kerak lain japati belang jangjang na
Nalak ge lain lamun mindeng dianjangan
Mun Bapa 
Atos teu suka 
Tong nyiksa anak mitoha
Kajeun abdi ngusap birit 
Batan daek ngudar gelung

Lamun Bapa aya maksad bade nyandung
Abdimah kajeun padungdung
Abdi narah.. abdi narah abdi mah alim dicandung

CURUG CINULANG

Di curug cinulang 
bulan bentang narembongan
Hawar-hawar aya tembang 
tembang asih tembang ka deudeuh duaan

di curug cinulang 
anjeun ceurik balilihan
muntang kana pangharepan 
cinta urang mugia sing papanjangan

kabaseuhan cai kaheman 
kaceretan ibun kamelang
meungkeut pageuh geter rasa kahariwang 2x
hariwang cinta urang panungtungan

DADALI MANTING

Dadali manting tipeuting
Ngalayang kakalayangan
Neangan nu lawas ilang
Baturna duka kamana

Dadali manting tipeuting
Ngalayang ka pilemburan
Hate bingung kapidangdung
Nu ilang kawas nu pundung

Dadali kabawa angin
Teu wasa nandangan lara 
Tos teu kadenge deui sorana
Boa-boa boa-boa tapi palias teuing

DALINGDING ASIH

( Kawih, Degung, Pop Sunda )

Dalingding asih nu kuring
Dalingding asih nu urang
Ngalangkang ngalangkang galeuh lamunan
Ngagalindeng tembang tilam kamelang

Basa kuring arek miang anjeun jajap ngahaleuang
Lawung patarema gandrung
Geter rasa cumarita duh kudu paanggang
Dalingding asih jati ning asih
Jadi angkeuhan urang duaan
Di pengkolan pareng pisah
Rek katukang sumoreang duh..

Dalingding ngajadi guru
Sorana kantun harewos 
Hawar hawar ngajauhan
Teuteup geugeut lir gugupay
Duh tembong deui gupay deui

DIKANTUN TUGAS

( Kawih, Degung )

Calik dina bangbarung
Anteng ngahurun barung
Nyawang anu ngalangkung
Sedih manah na nguyung

Emut ka sang panutan
ngantun mang bulan bulan
Lami henteu nyeratan
Wartos di medan perang

Nanging nu geulis sabar 
Sarta manah na sabar
Pasrah ikhlas tur rela 
Jujur sarta satia

Nyanggem lebet manahna
Aduh Engkang iraha
Tepang sakulawarga 
Mulih ti medan laga

Abdi nu ngantos ngantos
Mugi pasihan wartos
Nanging Abdi teu ngartos
Engkang alat sajati

Najan urang patebih
Langgeng tetep miasih
Batin tetep pacaket 
Sareng nu dipimeumeut

DUDA

 ( Kliningan, Degung )

Tipeuting sok sering nyaring
Taya tangan pangawasa
Sumeleket kana hate
Sumarambah kana bayah 2x
Sumeblak sok ngarakacak 2x
Tungtungna ngahurun 
Balung 2x
Tugenahmah hirup nyorangan

Nu manis dunungan abdi
Nu bumela ka panutan
Papasten Gusti Hyang widi
Dikadarkeun ku Pangeran 2x
Ngantunkeun kakalanggengan 2x
Palangsiang kapidangdung 2x
Nu duda mah nu duda kieu rasana

Nanging da parantos takdir
Teu sae upami mungpang
Najan abot dipisono
Najan betah dipicangcam
Kapaksa kedah paturay 2x
Moal luput kapiemut 2x
Moal suda kapiati 2x

Kolepat diri nembongan
Sakilat ilang sawangan
Putri mung ukur harepan
Ati manteng lalamunan
Ngahiap hiap kalangkang
Nyipta asih hamo datang
Hate gandrung sumoreang
Putri ayu widowati ngan ukur ciptaan ati
Maksudna hamo katepi

DINA JANDELA

( Kawih, Kacapian, Degung )

Dina jandela urang silih gupayan
Lemu paneuteup deudeuh jeung geugeut teup euntreup
Taya nu nyora simpe henteu nyarita
Ngukir ciptaan tresna jeung asih marengan

Lir nu keur ngimpi lir nu keur ngimpi
Gambar lamunan.. naon geuning nu teu katepi
Lir nu disirep lir nu disirep
Geter katineung reureuh geuning rep rerep

Dina jandela urang silih kiceupan
Imut kareueut raga katresna padeukeut
Langit keur lenglang jauh tina kamelang
Urang jadikeun galeuh pasini na wungkul

DUH INDUNG

( Kawih, Degung )

Duh indung ngaraksa ngajaring 
Anak najan rungsing matak pusing
Henteu weleh deudeuh mikanyaah asih
Di momong jeung dititimang

Duh indung ngaping ngadama-dama
anak ngamumule buah hate 
Najan rungsing deudeuh
Anak dijieun puputon

Duh Indung duh indung
Timang titi ngamomong anak
Duh indung... aduh indung
Teu kendat ngadudu'a

ES LILIN

Es lilin mah di dorong-dorong
Dibantun mah dibantun ka sukajadi

Abdi isin ceuceu samar kaduga
Sok sieunmah aduh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu buatan bandung
dicandakmah geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan ku bararingung
sok inggismah aduh henteu ngajadi

itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan gening ku sapu tangan
itu saha dunungan kuginding teuing
sihorengmah aduh geuninng jungjunan

Es lilin mah ceuceu di kalapaaan
Raosna mah geuningan kabina-bina
Abdi alim dunungan paduduaan
Sok sieunmah dikantun kamana-mana

Kamana mah dunungan ngaitkeun kincir
Kakalermah kakaler katojo bulan
Kamanamha dunungan ngaitkeun pikir
Sakieu mah aduh panas hatena

GIRIMIS KASORENAKEUN

( Kawih, Degung )

Girimis kasorenakeun 
ngeunteungan sewu katineung
Katumbiri layung langit
Awor jeung cipanon ngembeng 2x

Ngalangkang galeuh lamunan
Ngaliwung kalbu nu liwung
Naon deui nu rek didagoan
Duh.. kabeh geus mungkas adegan
Geus tamat lalakon leungiteun udagan
Mungkas mangsa pikeun muja jeung dipuja

GOYANG KARAWANG

( Jaipongan, Kawih )

Malam minggu malam panjang
Rame dina kariyaan
Balandongan keur hiburan
Caang ngempray lir tibeurang

Sora kendang mani mangprang
Nungibingna mojang lenjang
Aduh aduh pinggul na goyang
Goyang na goyang karawang
Goyang karawang 7x

Nu nongton sarusuitan
Sorana eyak eyakan
Nu ngibing na balakecrakan
Goyang matak duh kaedanan
Goyang karawang 7x

Aduh gitek gutak gitek
Gutak gitek kakatuhu
Aduh aduh goyang karawang
Goyang na goyang karawang


Goyang karawang kasohor
Penari na tukang bajidor
Goyang na boleh boleh dipandang
Dipegang jangan aduh tak usah

HAREUPEUN KACA

( Kawih, Degung )

Hareupeun kaca ngjanteng salila lila
Roman 
Alum gurat duka atra narembongan
Hareupeun kaca sagala nu karandapan
Lalakon katukang tukang nungtut dararatang

Reueuk rumeuk dina eunteung
Semu keueung semu nineung
Jiwa awaking nyarita 
Jiga nu nga naha naha
Duh ieung geuning jiga nu nganaha naha
Bejakeun kuring bejakeun rumasa geus katalimbeng

HARIRING NU KUNGSI NYANDING


( Kawih, Degung )

Purnama nu kungsi leungit
Ayeuna nganjang ka buruan deui
Anu kungsi kapiati
Kiwari urang ditepangkeun deui

Hariring nu kungsi nyanding
Ayeuna datang ngahaleuang deui
Hayu patarema tineung
Cacapkeun meungpeung aya kasempetan

Ayeuna mangsa nu endah
Hayu urang suka bungah
Caang bula opat belas
Narawangan ati bangblas

HAYANG KAWIN

Hayang kawin win win win hayang kawin
Geus teu kuat beurang peuting duh nyorangan
Hayang kawin win win win hayang kawin
Geus teu tahan beurang peuting duh ngajablay

Era ku tatangga reujeung babaturan
Loba nu nyeletuk cenah kuring bujangan lapuk
Isin ku pa' RT isin Ku pa' RW 
Sering ngalelewe cenah teu payu ka awewe
Hayang kawin win win win hayang kawin

Bapa Ema cing pangneangkeun jodo
Kuring embung boga titel jomblo
Bapa Ema cing pangneangkeun calon 
Asal ulah urut ucing garong

Keun bae randa Ema 
randa bengsrat anyar pegat
Komo parawan Ema 
geus pasti paten masih di segel masih di segel gel gel gel gel....

IMUT MALATI

( Kawih, Degung )

Imut malati wengi tadi geuningan patepang deui
Nu kapiati tikapungkur jungjunan di 
Anti anti
Ti gunung putri sareng saha salira lungsur ka landeuh
Lagu kamari ngagalindeng lalakon gending kadeudeuh

Najan sakedap jorelat tunjung balebat
Estu mo hilap karaos matak tibelat
Ku henteu terang mulihna 2x
Eh naha iraha

Najan mung imut saulas sakilat ilang
Tansah kairut hanjakal teu sering tepang
Ku henteu terang leosna 2x
Eh geuning kamana

JANG


( Kawih, Pop Sunda )

Jang hirupteh teu gampang
Teu cukup ku dipikiran bari kudu dilakonan
Jang jalan kahirupan henteu sapanjang na datar
Aya mudun jeung tanjakan

Kudu sabar dina kurang ulah nepak dada beunghar
Salawasna kudu sukur eling kanu Maha Agung
Kade hidep bisi kufur

Jang sing jadi jalma hade sing jadi jalma gede
Beunghar harta beunghar hate
Jang hidep sing ngajalma turut parentah agama 
Ulah jauh ti ulama

Nyobat sareng ahli tobatdalit sareng para kiyayi
Hirup keuna ku owah gingsir ngarah aya anu ngageuing
Mangsa lengkah ningang salah

Sing pinter tur bener sing jujur tong bohong
Ulah nganyerikeun batur ngarah hirup loba dulur
Raksa ucap lampah tekad jeung tabe'at
Ngarah pinanggih bagja salamet dunya aherat
Jang.. jang sing jadi jalma soleh

#End : Jang.. Jang.. hidep sing soleh

KABOGOH JAUH


Boga kabogo jauh
Mentas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon
Kuring di pulau jawa
Manehna pulau sumatera
Lamun malam mingguan
Mojok via SMS-an
Jelema palinter
Dunya beuki maju
Najan urang pajauh
Bisa ngobrol unggal waktu
Tiap SMS-an atawa nelepon
Teu jadi pikiran
Kajeun pulsa kabobolan
Nu penting mah bisa ngobrol jeung manehna
Boga kabogo jauh
Meuntas laut leuweung gunung
Tapi apel teu bingung
Cukup hallo na telepon…..

KANG MANDOR

Kang mandor Batok katajong
Daun kawung awun-awunan
Kang mandor ulah sok nganclong
Sing nyaah kana turunan

Kang mandor mata keranjang
Teu kaop nempo nu herang
Kang mandor keur beger mindo
Mun aya mojang diolo

Kang mandor ambek-ambekan
Pagawe sok dicarekan
Karyawan mun boga salah
Mandor mah sok molototan

Kituteh jaman baheula
Keur basa urang dijajah
Ayeuna urang merdeka
Mandorteh sok ramah tamah

KANIA

( Kawih, Degung )

Ngangkleung tineung ngawang-ngawang
Bongan keukeuh bongan melang
Rumasa diri kabandang duh
Kalebuh geter kadeudeuh kapentang gandrung...

Hayang kuring nyaritakeun mamanis dina melodi
Hayang kuring nguniangkeun antebna dina kacapi
Jadi lagu nu abadi wawakil titipan ati
Nu tetep imut kareueut najan asih samar tepi

Kania... duh Kania..
Linduh asih linduh wulan
Liuh teuteupan katresna
Nya ti anjeun kuring metik racikna hariring
Nya ti anjeun ieu lagu ngawujud tamper katineung

Kania... duh Kania...
Deukeutkeun kuring keur nyanding
Dina ati anu wening
Nya ti anjeun kuring nyangga kabagjaan
Sumalanding dina lagu kahirupan

KABAYA BEUREUM

Kabaya beureum nu jadi tilam kasono 
Tawis deudeuh ti maneh na
Kembang asih nu jadi kembang kapeurih kameumeut hate
Kabaya beureum ngarendeng jeung potret anjeun 
diteuteup teu kiceup kiceup
Kembang asih nu jadi kembang katresna 
Batin nalangsa

Aduh aduh.. duh aduh Kang mas
Cinta urang nusakitu layeut pisan kiwari bet pepegatan
Aduh aduh.. aduh aduh Kang mas

KAREMBONG KAYAS

Duh aduh karembong kayas
Disawang matak kagagas
Baheula keur jeung manehna 
Karembong teh jadi saksina

Duh aduh karembong kayas
Dianggo ku mojang kota
Loba nu matak kabita
Ku nu nganggo karembong kayas

Mojang Bandung loba nu matak kaguyung
Ku wanoja Sumedang matak kagembang
Mojang Garut loba nu matak kairut
Ku nu nganggo karembong kayas
Naon atuh kalepatan diri abdi
Anjeun tega gaduh deui

KEMBANG TANJUNG PANINEUNGAN

Anaking jimat awaking
Basa Ema mulung tanjung rebun rebun
Di pakarangan nu reumis keneh
Harita keur kakandungan ku hidep

Geus opat taun katukang 
Ema nyipta mulung bentang
Nu marurag peuting tadi
Bentang seungit ditiiran pangangguran

Anaking jimat awaking
Basa Ema mulung tanjung rebun rebun
Bet henteu sangka aya nu datang
Ti gunung rek ngabejakeun bapa hidep

Nu opat poe teu mulang
Ngepung gunung pager bitis
Cenah tiwas peuting tadi
Layon na keur kadieukeun dipulangkeun

Harita waktu layon na geus datang
Ema ceurik aduh balilihan
Ras ka hidep ieung na kandungan
Utun inji budak yatim deudeuh teuing

Harita waktu layon geus di gotong
Ema inget ieung kana tanjung
Dikalungkeun na pasaran
Kembang asih panganggeusan ieung ti duaan


Anaking jimat awaking
Lamun Ema mulung tanjung reujeung hidep
Kasuat suat nya pipikiran
Tapi na kedal na teh ku hariring

Haririring eling ku eling
Kana tanjung nu dipulung
Duh... kembang tanjung
Nu nyeungitan pakarangan
Nu nyeungitan hate urang
Panineungan

LAYEUT KAGEUGEUT

Salira Benteng asih sajati
nu moal aya dua didunya ieu
waktos kakuping lagu
asa aya nu ngentringan
lagu nu urang duaan 
janten ciri dina kaendahan

urang duaan layeut kageugeut
urang duaan dina sora paguneman
urang duaan layeut kageugeut
dina teuteup aya surti endah kabagjaan

peuting anu tingtrim di ayun-ayun ku hariring
Nu kacicipta asih duaan cenah ceuk cenah kaheman
hate tambah kangen ku emut bae kasalira
sok hoyong enggal bray beurang sok kacipta sareng rerendengan

LAYUNG GALUNGGUNG

Layung luhureun galunggung
Marengan wanci sareupna
Surya ngampih pabuburit
Pamit ka caangna beurang

Duaan waktu harita
Babarengan nyulam cinta
Bari pinuh pangharepan
Bagja pinuh tineukanan

Layung luhureun galunggung
Kunaon leungit teu pamit.. leungit teu pamit
Boa teuing cinta urang moal lana papanjangan
Layung luhureun galunggung
Undur na kawas nu pundung.. kawas nu pundung
Boa pasini na jangji kaputus moal ngajadi

Duaan waktu harita
Babarengan nyulam cinta
Bari pinuh panharepan
Bagja pinuh tineukanan

MAWAR BODAS

Mapay jalan satapak ngajugjug ka hiji lembur
Henteu karasa cape na sabab aya nu di teang
Hujan angin dor dar gelap henteu aya keur ngiuhan
Sanajan 
Awak rancucut bet asa paduli teuing

Nu pentingmah asal nepi ka tempat anu dituju
Rek ngalongok mawar bodas kembang nu jadi impian
Sugan tea moal gagal kembang geus aya nu boga
Balik ge asa hoream leumpang ge jiga ngalayang

Teu kasawang ti anggalna teu dipikir ti tadina
Lamun bakal nyeri hate hoream teu sudi teuing
Mikiran pipanyakiteun.. Mikiran pipanyakiteun

MEGA SUTRA

Mega sutra keur mayung dilangit lenglang
Bulan ngempur nu keur ligar
Hibar dina jangjang peuting
Jandela na hate mangsa na urang mukakeun
Antebkeun urang antebkeun dina teuteup
Nu muser na pamadegan
Geter katresna geus jadi qodar manusa
Titis asih ti kurnia jadi pangersa anjeunna
Nu geus maneuh tina wiwitan lalakon
Ngeusian lengkah gumelar
Manusa di pawenangan hirup darma wawayangan

Mega sutra kumawang dilangit lenglang
Ditaretes cahya bentang lir kulambu awang-awang
Mun kongang kadongkang hayang ngaleuyang ngaronjang
Rek cicing di mega malang
Nyuwu hate keur ngambah sewu kabimbang
Kalbu nu layu pameunteu alum kuluwut
Bongan lagu nu halimpu kunaon kiwari lesu

Mega sutra sulur sumeren katresna
Lamun raga keur tunggara
Sugan euntreup kagaleuhna malar ka gaet asihna

MEGA HIDEUNG

Tuh itu layung siga pundung
Ningal urang nu teu satujuan
Naha anjeun bisa robah anu geus pasini
Da bongan anjeun nu menta
Kuring nganteur kahayangna
Anjeun hayang pepegatan

Tuh itu mega ngahalangan
Langit anu rek ngagebray caang
Naha ku teu sangka ahirna
Geuning bet kieu kacinta urang duaan
Aya nu ngahihileudan gogoda eta ka urang

Mega hideung ngalangkangan
Langit ceudeum tanda arek hujan datang
Naha naon anu rak diteang
Kanyaah kacinta keur urang
Meureun kuring henteu ngalayah ku harta
Ukur banda cinta modal anu boga jang salira

Teu ngarti na jero pikirna
Yen harta bisa mawa bagja
Loba anu pisah lain kurang harta
Silih nganyahokeun dibutuhkeun cinta
Lain ukur harta
Anjeun beda pilihanna nu diteang geuning harta

MELANG KA NU ANGGANG

Poe ieu manehna ninggalkeun Bandung
Seja lunta mamawa raheut hatena
Kamari manehna kungsi pamitan
Nyuuh nyegruk ngarangkul bedah cipanon

Pegat pegat nyebut kecap pileuleuyan
Dareuda menta ubar pangampura
Cenah jalan anu rek di tempuh
Geus puguh jadi putusan
Mending pisah najan deukeut bari raheut duh gusti...

Poe ieu manehna ninggalkeun Bandung
Seja lunta nepikeun rasa cintana
Pasini teu jadi nyeuit kanyeri
Pikir bimbang dirungrung kapeurih ati

Najan beurat di kukuntit ku duriat
Baluas ku mamanis nu geus pegat
Bongan anu jadi pamuntangan sulaya tina subaya
Teu ngajadi bongan geus aya nu boga geuning

Poe ieu manehna ninggalkeun Bandung
Seja lunta mamawa raheut hatena
Najan peurih kudu pisah rasa bimbang kudu anggang
Pileuleuyan keur hiji carita
Nu teu kungsi metik bagja

MOJANG PRIANGAN

Angkat ngagandeuang Bangun taya karingrang
Nganggo sinjang dilamban mojang priangan
Umat imut lucu sura seuri nyari
Larak lirik keupat mojang priangan

Diraksukan kabaya nambihan cahayana 
Dangdosan sederhana mojang priangan }2x

Mojang anu donto matak sono nu nempo
Mun tepung sono ka mojang priangan
Gareulis maranis disinjang lalenjang
Estu surup mun leumpang mojang priangan

Ti gigirna lenggik ti hareupna ge sieup
Ti tukangna lenjang mojang priangan