HANJAKAL

Jangji urang rek saati
Moal pada ingkar, moal rek sulaya
Tapi jangji ukur jangji
Sumpah tinggal sumpah
Kalah jadi runtah

Kaduhung sagede gunung
Teu ngagugu omong indung
Papatah di anggap angin
Geuningan kieu jadina

Hate ceurik balilihan
Taya nu bisa ngubaran
Hate asa di wewejet rajet

Ku kamana ngubaran diri
Kudu jumaha miceun kanyeri
Kudu kasaha nitipkeun diri
Kudu kumaha, nya kumaha

0 comments:

Post a Comment