BOHONG

Cenah cinta teh buta
Pajar.. teu mandang harta
Bohong, ahh geuningan bohong
Tanpa harta cinta teh terasa hampa

Cemah yang penting cinta
Pajar yang penting sayang
Bohong ahh, geuningan bohong
Cinta dan sayang
Sakapeung rajeun ngalayang

Ngalayang, pegat kapakan
Ngalayang, dina implengan
Ngalayang, dina lamunan
Ngalayang kokolebatan

Cenah bade satia, pajar bade gumela
Bohong ah, akang mah bohong
Anjeun jalir tina jangji nu saati

ASIH URANG CINTA URANG


Asih urang di apungkeun ka langit
Muntang kana mega
Ucang angge duaan

Asih urang di apungkeun ka langit
Meungkeut dina bulan
Ayang-ayangan duaan

Asih urang ting karetip dina bentang celak
dumalingna cinta
Diapingku jempling peuting
di ayun ku lagu dengkleung
hariring gentra ka tineung
urang duaan

Asih urang kahibaran linduh bulan sirna
cahayana nyinglar kapati sungkeman asih
purnama harepan bagja
natar kahayang laksana
satuhu salalamina