BONGANNA


Langit caang narawangan 
Taya mega nu ngahalangan
Bincarung hiberna teu pati luhur
Bungah mapag caangna beurang

Dua insan babarengan
Dina sagara katresnan
Oleng ku rasa mokaha
Kahormatan harita ngadadak sirna

Langit mimiti ilang caangna 
Aya mega ngahalangan 
Gumulung rasa kaduhung
Rasa kabingah tos ilang

Ah da Bonganna ah da bonganna
Sari henteu dipupusti
Cinta nu mimiti mekar
Layu sapada harita

0 comments:

Post a Comment