SANCANG CIJULANG

Pungkal pengkol jalan na
Iuh jeung linduh tangkalna
ngaroyom dahan daunna
mapaesan alam endah

harita datang kadinya 
teu sangka geuning teu sangka
bakal tepang jeung nyi lenjang
sagagang kembang impian

* mipir gawir nu lungkawing
mapay jungkrang nu longkewang
kungsi arek nitip diri 
rek neundeun rasa kadeudeuh

ka kembang nu hegar ligar
sanajan bari jeung anggang
arek nemragkeun kahayang
balaka ngedalkeun cinta

antara sancang cijulang
aya angin ngahariring mawa jangji
antara sancang cijulang
aya teuteup anu minuhan kadeudeuh

antara sancang cijulang
aya cinta nu munggaran
antara sancang cijulang
aya cinta langgeng salawasna

4 comments:

Unknown said...

iam like song from indonesia,,good song

Unknown said...

Thanks for like indonesian song..especially this song from west java...where u from christine?

Unknown said...

sip edun euy.
www.geraisepatuonline.com

Unknown said...

Chtistine hoax..wkwkwk

Post a Comment