SERAT SALIRA

Serat salira wengi tadi tos katampi
Kantenan jungjunan kantenan mungguh ewuhna
Disangki serat katresnan sabudeureun cinta urang
Geuningan lepat dugaan mundut mundur pipisahan

Serat salira dina jajaran kalima
Unggelna teu wasa mun kedah midua hate
Teu sapuk sareng aturan sok sieun teu kabadanan
Cangcaya moal laksana mendak bagja sasarengan

Teu nanaon jungjunan teu nanaon 
Mun kitu kapalay salira 
Lelembutan ngajerit nungkupan diri
Teungteuingeun tegateh kamalinaan

Nu munggaran urang tepung luhur panggung
Setragana nu nyacas kiwari anteng ngahelas
Imut imut nu kamari tetep surti nu kamari
Ayeuna duka kumaha pajar urang pileuleuyan

3 comments:

Unknown said...

daun pulus sareng istri raspatina kang

Unknown said...

Kang, mundut Seunggah.

Unknown said...

Dina Langgam kiliningan ngalagena matak ting sérédét kana haté...

Post a Comment