NAON LEPATNA

Naon lepatna naon dosana 
Mun diri katarik geter simpati
Kabandang kamelang

Naon lepatna naon dosana
Mun rasa rumasa nyimpaykeun tresna
Mikaasih ka dirina

Kapan cinta kedah anteb jeung asihna
Kapan asih kedah tingtrim sumandingna
Sedeng rasa rumasa manteng teuteupna
Demi kasatiaan janten pageuh pamadegan

Naon lepatna naon dosana
Nepikeun tungkusan kalbu 
Mustika asmara

Naon lepatna naon dosana
Da niat rek senyana 
mikaasih kadirina

1 comments:

Mahendra said...

Assalamualaikum

Izin Share kang
Nuhun
wassala

Post a Comment