ES LILIN

Es lilin mah di dorong-dorong
Dibantun mah dibantun ka sukajadi

Abdi isin ceuceu samar kaduga
Sok sieunmah aduh henteu ngajadi

Es lilin mah ceuceu buatan bandung
dicandakmah geuningan ka Cipaganti
abdi isin jungjunan ku bararingung
sok inggismah aduh henteu ngajadi

itu saha dunungan nu nungtun munding
digantelan gening ku sapu tangan
itu saha dunungan kuginding teuing
sihorengmah aduh geuninng jungjunan

Es lilin mah ceuceu di kalapaaan
Raosna mah geuningan kabina-bina
Abdi alim dunungan paduduaan
Sok sieunmah dikantun kamana-mana

Kamana mah dunungan ngaitkeun kincir
Kakalermah kakaler katojo bulan
Kamanamha dunungan ngaitkeun pikir
Sakieu mah aduh panas hatena

0 comments:

Post a Comment